Assalamualaikum
Wr.Wb.
Ibu guru
pangajar nu di pikahormat,
Sarta rerencangan sadaya anu di pikareueus
Sarta rerencangan sadaya anu di pikareueus
Lankung tipayun
hayu urg panjatkan puji sinareng syukur kahadirat Allah SWT nu parantos masihan
mangpirang-pirang ni’mat ka urg sadaya, utamina ni’mat sehat sahingga urg
sadaya tiasa kempel dikelas ieu. Te hilap sholawat sinareng salam hayu urang
panjatkeun ka junjungan sadaya Muhammad S.A.W., Kakulawargina, para sohabatna
sarta urg salaku umatna dugi ka akhir jaman.
Kuring ngadeg
didieu te aya lain nyaeta bade ngadugikeun tema “bahaya rokok”. Sapertos ibu
sarta rerencangan sadaya mun nu namina rokok tos te asing deui di golongan
barudak sakola sapantaran urang.
Tapi ayenamah
timimiti budak sakola nu ngangge seragam bodas beureum, bodas biru, komo bodas
biru tos hampir sadaya nyobian nu namina rokok.
Di umur dini
bisa ngbalukarkeun impotensi sarta ngurangan jumlah sperma dina lalaki sarta
ngurangan tingkat kesuburan dina wanoja. Eta mung sababaraha conto bahaya
rokok, tapi seueur keneh bahaya-bahaya rokok nu lain.
Jalmi nu
ngarokok the sami jeng ngurangan yuswa kurang leuwih 11 menit. Aya fakta nu
disebutkeun, unggal dinten rokok the disesep kirang leuwih 15 miliar di dunia.
Rerencangan
sadaya, nu tea can nyobian rokok kade ulah cobi-cobi ngarokok lantaran bahaya
rokok the seueur pisan sareng nimbulkeun resiko beurat sampe ngakibatkeun maot
ku bahaya bakona. Nu tos jadi pecandu rokok, hayu urg enggal lirenan kabiasaan
awon eta.
Dupi mun sakie
nu tiasa kuring dugikeun, hapunten bilih aya kasalahan kata kata anu magut kana
hati. Margi kasampurnaan datang na ti Allah S.W.T., kasalahan datang na ti diri abdi nyalira. Mugi mugi biantara
kuring ie mangfaat kangge sadayana.
Wassalamualaiku
Wr. Wb.
0 Comments